Senin, 05 November 2012

KANYATAAN NU PAIT

KANYATAAN NU PAIT
 KU : ANGGI.RIZKI.H


Teu cara waktu harita ..
cenah moal arek midua,..
moal arek jalir jangji..
moal nepikeun ka urang papisah..

teu kungsi lila , aya beja jeung carita ..
manehna midua ..
rasa ku teu percaya nu gede,,
jeung rasa panasaran ..

dina hiji carita ..
manehna kapanggih keur ulin duduaan,
silih ocon jeung lalaki sejen ..
karasa sueul dina dada..
nahan ka kesel ..
urang kudu bisa narimakeun
sanajan pait kanyataanna..

ceuk beja cinta teh endah ..
loba pisan nu nyarita ..
tapi ceukkuring mah beda ..
cinta teh gorang tungtungna ...

TINGGAL WA'ASNA

TINGGAL WA'ASNA
ku : Anggi.Rizki.Herdiana

Ari diri keur nyorang..
pikiran sok ngawang ngawang..
hate jadi hariwang
paanggang jeung manehna .

nu di lamun ukur anjeun
babaturan nu jadi sobat tikeur leutik
aya anggang dina raga ,
katresna dina dada.. ngobar ngobar rasa ..
kamana kudu di teang ?
nya kamana kuring kudu datang ?
anjeuna nggeus miang ,,ti alam dunya ieu .

raga jadi paanggang..
tapi ati tetep rakeut..
hate deukeut..
geugeut ,, meumeut..

bareto urang ulin duaan,,
ayeuna tinggal lamunan..
ulah malire ,yen kungsi nunda carita..
ulah malire ,,yen kungsi banjir cimata..
ayeuna tinggal waasna....

 

 

BUMI ALAM

BUMI ALAM 
ku : anggi.rizki.herdiana
basa hayanm jago mimiti disada
Tina ranjang kuring luncat 
dadampal napak kana  bumi alam 
bumi anu di ciptakeun kunu maha kawasa .

ngalengkah urang napak di bumi
ngan saukur keur neangan ridho Allah .S.W.T
keur ngalaksanakaeun kawajibanna ,
jeung ngajauhan nu dilarangna

bumi alam..
tempat mulung bentang bentang ..
bentang anu di awurkeun ku sanghyang,.
bentang anu jadi bekel hirup urang di poe akhir ...

di bumi urang ngan sakeudeung ,.
geuning maot ngadodoho,,
boro sok di poho-poho
datangna teu mere nyaho,
ngageretek taya tempo

Sabtu, 03 November 2012

Sabda Sunda

Sabda Sunda
Ku  : Sanghyang Mughni Pancaniti



Sunda moal leungit ku ganti wanci
Sunda moal laas ku robah mangsa
Sunda moal luntur ku kurunyung taun
Sunda moal helas ku ilang bulan
                                                         Sunda geus ngancik dina ati
                                                         Sunda geus nyayang dina dada
                                                         Sunda Geus kaukir dina fikir
                                                         Sunda geus manunggal dina rasa

Brah lumampah.. migawe sunda nu nyata       
jung lumaku.. migawe sunda nu luhung
jig geura indit.. migawe sunda nu sajati
Tanda syukur ka Gusti nu Maha Suci

                                                          Dimana geus eling kitu.
                                                          Rek ka wetan, Prak..!
                                                          Rek ka kidul, jug..!
                                                          Rek ka kaler, perk..!
                                                          Rek ka kulon, los..!