BARETO BABARENGAN ,AYEUNA TINGGAL LAMUNAN
Bareto urang babarengan ,,.
Bareto urang ngalaman kasusah jeung
kabungah jeung manehna..
Unggal ulin jeung manehna pasti
manggih wae kabungah…
Nu di pika nyaah jeung nu di pika deudeuh.
Dulur nu sakaligus jadi babaturan
ulin simkuring sapopoena .
Teu kungsi lila aya carita nu teu
ngareunah kanu hate,,
Di caritakeun ,,manehna mulang ka
alam nu misahkeun urang duaan..
Hate ngarasa nyeri ,,tur seuel
saenggeus ngadenge carita eta….
Rasa teu percaya anu geude,,,asa teu
nyangka ,,..
Karek oge ningali manehna kamari,,,
Truss ayeuna maneh nggeus indit,,ka
alam anu beda..!!
Meni tereh manehna ninggalkeun
urang…..
Umurnu masih ngora,..
nu keur meumeujeuhna ngalaman nikmat
dunia,manehna mulang …
keur mah kahayangna nu can
kacumponan,…
jeung urang can mulang tarima ka
manehna …
nu nggeus jadi babaturan anu
ngabungahkeun hate…
geura kulem masing tibra dulur,,
reup peureumkeun eta soca,,
soca nu herang lir ibarat kaca…
munggaranna dulur batur ulin urang …
asa kaleungitan banda anu pang berharga-hargana..
nu moal bisa di ganti ku harta,atawa
nu lainna…
bareto urang babarengan ,ayeuna
tinggal lamunan..
ulah malire yen kungsi nunda carita..
ulah malire yen loba nu banjir
cimata….
Ayeuna tinggal waasna,,
Ngan saukur bisa ngadu’akeun..
Anjeun sing manggih katenangan di
alam nu di cicingan ayeuna…
Aaammmiinnntt……