Rabu, 15 Februari 2012

BARETO BABARENGAN ,AYEUNA TINGGAL LAMUNAN

anggirizkiherdiana@yahoo.com
BARETO BABARENGAN ,AYEUNA TINGGAL LAMUNAN
Bareto urang babarengan ,,.
Bareto urang ngalaman kasusah jeung kabungah jeung manehna..
Unggal ulin jeung manehna pasti manggih wae kabungah…
Nu di pika nyaah jeung nu di pika deudeuh.
Dulur nu sakaligus jadi babaturan ulin simkuring sapopoena .

Teu kungsi lila aya carita nu teu ngareunah kanu hate,,
Di caritakeun ,,manehna mulang ka alam nu misahkeun urang duaan..
Hate ngarasa nyeri ,,tur seuel saenggeus ngadenge carita eta….
Rasa teu percaya anu geude,,,asa teu nyangka ,,..
Karek oge ningali manehna kamari,,,
Truss ayeuna maneh nggeus indit,,ka alam anu beda..!!
Meni tereh manehna ninggalkeun urang…..

Umurnu masih ngora,..
nu keur meumeujeuhna ngalaman nikmat dunia,manehna mulang …
keur mah kahayangna nu can kacumponan,…
jeung urang can mulang tarima ka manehna …
nu nggeus jadi babaturan anu ngabungahkeun hate…

geura kulem masing tibra dulur,,
reup peureumkeun eta soca,,
soca nu herang lir ibarat kaca…
munggaranna dulur batur ulin urang …
asa kaleungitan banda anu  pang berharga-hargana..
nu moal bisa di ganti ku harta,atawa nu lainna…

bareto urang babarengan ,ayeuna tinggal lamunan..
ulah malire yen kungsi nunda carita..
ulah malire yen loba nu banjir cimata….
Ayeuna tinggal waasna,,
Ngan saukur bisa ngadu’akeun..
Anjeun sing manggih katenangan di alam nu di cicingan ayeuna…
Aaammmiinnntt……